Lirikanmu

Friska

Lirik Kapau Imut

Lirik Kapau Imut

Nya didieu naha hate geus kapaut

Nu teupira salira, nenggorkeun imut
Ngadak ngadak jadi benten raraosan
Hate ratug cacakan tepang dadakan

Nya ayeuna kapentang panah asmara

Sorot soca sinar cinta tembus rasa

Gurilapna lir inten pinuh permata
Hate ngangkleung kabawa imut salira

Najan tepung harita ukur salangkung

Kapidangdung gandrung liwung
Ngalanglayung...
Aduh... kieu rasana kagembang
Hayang neang, hayang nganjang
Mustika kembang kamelang

Horeng kieu rasana panyakit cinta
Pajarkeun teh hese piubareunana
Lamun cinta nyaliara kana rasa
Rasa endah nu taya bandinganana

Najan tepung harita ukur salangkung

Kapidangdung gandrung liwung
Ngalanglayung...
Aduh... kieu rasana kagembang
Hayang neang, hayang nganjang
Mustika kembang kamelang

Hayang neang, hayang nganjang
Mustika kembang kamelang