Lirikanmu

Yana Kermit

Lirik Bulan Cangkuang

Lirik Bulan Cangkuang

Iraha...
Urang rék kawas waktu ka tukang
Mapay mapay riak kabagjaan
Rarakitan di situ Cangkuang
Caang bulan

Katutup mega milu nyaksian
Dua rasa nu meungkeut kaheman
Moal bade pipisahan

Tangkal camara marindingan
Angin peuting ngaleprokan
Dunya asa nu urang duaan
Naha ayeuna bet pipisahan

Caang bulan di situ Cangkuang
Kiwari teu weléh narembongan
Carita endah urang duaan
Omat diukir dina lamunan

Caang bulan di situ Cangkuang
Dina rasa teu weléh ngalangkang
Najan urang pipisahan
Hate mah silih anjangan

###-Rayhan & Galih-###

Tangkal camara marindingan
Angin peuting ngaleprokan
Dunya asa nu urang duaan
Naha ayeuna bet pipisahan

Caang bulan di situ Cangkuang
Kiwari teu weléh narembongan
Carita endah urang duaan
Omat diukir dina lamunan

Caang bulan di situ Cangkuang
Dina rasa teu weléh ngalangkang
Najan urang pipisahan
Hate mah silih anjangan
Iraha...

Urang rék kawas waktu ka tukang
Mapay mapay riak kabagjaan
Rarakitan di situ Cangkuang
Caang bulan

Katutup mega milu nyaksian
Dua rasa nu meungkeut kaheman
Moal bade pipisahan
Moal bade pipisahan