Lirikanmu

Rya Fitria

Lirik Tega

Lirik Tega

naha naon... salah diri...

nepi ka tega nelasan rasa
na teu emut kana jangji
teu sangka bakal kieu jadina

kapan ceunah anjeun cinta

lahir tumekaning batin
moal luntur kaibunan
sanajan raga paanggang

kapan ceunah anjeun asih
teu ka silih kunu lian
moal laas kapanasan
sanajan diri pajauh...

naha anjeun bibilasan

naha anjeun bet sulaya
teungteuingeun ngahianat
kana jangji

pajar ceunah rek satia

pajar ceunah rek saati
nepi ka udar pasini...

naha anjeun bibilasan

naha anjeun bet sulaya
teungteuingeun ngahianat
kana jangji

pajar ceunah rek satia

pajar ceunah rek saati
nepi ka udar pasini...

ku tega teuing ku tega

teu aya rasrasannana
cinta anjeun ngan ukur
lamunan....

~~~~Liren heula sakedap...~~~~


naha naon... salah diri...

nepi ka tega nelasan rasa
na teu emut kana jangji
teu sangka bakal kieu jadina

kapan ceunah anjeun cinta

lahir tumekaning batin
moal luntur kaibunan
sanajan raga paanggang

kapan ceunah anjeun asih
teu ka silih kunu lian
moal laas kapanasan
sanajan diri pajauh...

naha anjeun bibilasan

naha anjeun bet sulaya
teungteuingeun ngahianat
kana jangji

pajar ceunah rek satia

pajar ceunah rek saati
nepi ka udar pasini...

naha anjeun bibilasan

naha anjeun bet sulaya
teungteuingeun ngahianat
kana jangji

pajar ceunah rek satia

pajar ceunah rek saati
nepi ka udar pasini...

ku tega teuing ku tega

teu aya rasrasannana
cinta anjeun ngan ukur
lamunan..