Lirikanmu

Nanih

Lirik Karang Hawu

Itu ombak Karang Hawu
Anu teu weléh nyaksian
Nyaksian urang duaan
Silih ngedalkeun kasono
Bagja...

Itu bulan nu sapasi
Pameungkeut jangji pasini
Saati rék laki rabi
Nepi ka tungtung pati
Pasti ...

Sami-sami ngedalkeun rasa
Sami-sami ngedalkeun cinta
Moal beurat mangku duriat
Duriat urang duaan

REFF :

Itu ombak Karang Hawu
Tempat keur ngamparkeun rasa
Rasa nu ngancikna raga
Keur nyorang éndahna cinta

Itu ombak Karang Hawu
Lautan kembang katresnan
Kaagungan Nu Kawasa
Nu jadi kembangna cinta

Itu bulan nu sapasi
Pameungkeut jangji pasini
Saati rék laki rabi
Nepi ka tungtung pati
Pasti ...

Sami-sami ngedalkeun rasa
Sami-sami ngedalkeun cinta
Moal beurat mangku duriat
Duriat urang duaan

Itu ombak Karang Hawu
Tempat keur ngamparkeun rasa
Rasa nu ngancikna raga
Keur nyorang éndahna cinta
Itu ombak Karang Hawu
Lautan kembang katresnan
Kaagungan Nu Kawasa
Nu jadi kembangna cinta