Lirikanmu

Oon B

Lirik Baluweng

Lirik Baluweng

Duh … peurih rasana

bebereh mungkas deudeuhna

Naha naon kasalahan diri

Anjeun kacida ku luas

geuning kasih dipungkas

asa tung ka bumi alam

 

*

Duh … raheut gudawang

asa diteungteuinganan

anjeun sakiceup mere hareupan

nu puguh mah ngageuringan

geuring hate papanjangan

naon … piubareunana

 

Reff:

Ret ka langit

bentang ngadadak ngaleungit

komo bulan taya  enggon nembongan

taya pikeun piubareun

ubar hate nu baluweng

Duh … hate baluweng

 

Back to *