Lirikanmu

Darso

Lirik Kabogoh Jauh

Lirik Kabogoh Jauh

Boga kabogoh jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apél teu bingung
Cukup hallo na telepon

Kuring di pulau jawa
Manéhna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via sms-an

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap sms-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

Boga kabogoh jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon